Sundapedia 2011/su
Sundapédia 2011 nyaéta pasanggiri nulis di situs Wikipédia Basa Sunda. Diiluan ku 50 Mahasiswa S1 Jurusan Pendidikan Bahasa Daérah jeung S2 Prodi Kajian Budaya Sunda Universitas Pendidikan Indonesia (UPI) Bandung. Para pamilon baris diuji katabahanana salila 72 poé ti bulan Séptémber nepi ka Désémber 2011. Ngaliwatan ieu kagiatan dipiharep artikel artikel basa Sunda dina Wikipédia basa Sunda bakal nambahan, boh sacara kualitatif, boh sacara kuantitatif. Universitas Pendidikan Indonesia ngahaja dipilih pikeun jadi mitra dina ieu kagiatan ku sabab mibanda Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah (Sunda) anu husus nalungtik perkara basa, sastra, jeung pangajaran basa Sunda di sakola. Sajaba ti éta, basa panganteur anu digunakeun dina kagiatan diajar-ngajar jeung nulis karya ilmiah mahasiswa ogé ku basa Sunda deuih. Ieu hal ngajadikeun mahasiswa UPI Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah (Sunda) leuwih parigel dina nepikeun ide jeung kamandangna dina basa Sunda. Dirojong kuPasanggiri NulisKompetisi nulis nu bakal lumangsung salila 72 poé ieu téh dirarancang pikeun jadi sarana pelatihan pikeun para panulis munggaran enggoning ngumpulkeun tur nuliskeun informasi sacara ilmiah ngagunakeun basa Sunda anu bener tur merenah. Dipiharep ku nambahanana para panulis anyar anu nulis dina Wikipédia basa Sunda, artikel-artikel dina Wikipedia basa Sunda bisa leuwih dipercaya pikeun dijadikeun rujukan nepi ka pamustunganana bisa méré aksés pangaweruh salega-legana pikeun urang Sunda di sakuliah dunia atawa sakumna masarakat nu néangan informasi tina internét. Ku kituna, gaya nulis para pamilon, sajaba diwajibkeun gugon kana kaidah basa Sunda anu bener tur merenah téh, kudu énsiklopédis tur babari kaharti ku sakabéh pamaca deuih. Karya jeung aktivitas para pamilon baris dipeunteun sacara périodik ku para juri nu ngawengku gabungan panitia, dosén dari Universitas Pendidikan Indonesia, jeung perwakilan pamaké Wikipedia Basa Sunda. Ieu pasanggiri téh bakal dimimitian ku pelatihan ka sakabéh pamilon nepi ka para pamilon bisa nulis luyu jeung standar Wikipédia. Ieu Pasanggiri baris dimimitian ku ngawanohkeun palanggeran ngagunakeun perangkat lunak wiki jeung kamampuan pikeun mikaharti kana aturan-aturan nulis dina Wikipédia basa Sunda nu salila ieu karasana hésé pikeun para panulis munggaran. Pasanggiri dihususkeun pikeun mahasiswa ti Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah (Sunda) Universitas Pendidikan Indonesia Strata 1 jeung Strata 2. Tempat pasanggiri ngahaja dipilih tur diwatesanan sangkan pasanggiri bisa lumangsung kalawan éféktif. Panitia geus ngararancang pasanggiri anu sinambung salila 72 poé anu tingkatan tantanganna beuki hésé pikeun para pamilon. Pamustunganana, para pinunjul sajatina tina ieu pasanggiri téh nyaéta sukarélawan sajati anu mibanda kasadaran yén kahayangna ngilu pasanggiri téh lain samata-mata alatan hadiahna baé, tapi kasadaran yén nulis téh mangrupa minatna, bagian tina kahirupanana, jeung sadar yén pangaweruh téh bisa jadi berkah tur mangpaat saupama dibagikeun ka batur. Ieu pasanggiri baris dimimitian dina bulan Séptémber 2011. TujuanTujuan tina ieu pasanggiri téh nyaéta pikeun nambahan jumlah pamaké-pamaké aktif. Sajaba ti éta, nambahan ogé jumlah pamaca artikel nu disumbangkeun ku pamaké ngaliwatan loka jaringan sosial Facebook, Twitter). Sajaba ti éta, publikasi ogé baris dilaksanakeun ka saban média lokal di Bandung pikeun dimuat sacara rutin. Nalika hiji artikel ditulis kalayan bener, artikel dina wikipédia basa Sunda tangtu bakal nyadiakeun informasi anu akurat tur bisa dipercaya, tata basa anu nétral, informatif, tur ngajadikeun lalayaran dina internét téh leuwih mangpaat ku sabab sayagina informasi nu lengkep dina basa Sunda.
Tujuan Eksternal
Tujuan Internal
KapanitiaanPanitia IntiAditia Gunawan (panggilan Adit) diréktur proyék Sundapedia 2011. Ngaréngsékeun S-1 di Universitas Pendidikan Indonesia jurusan Pendidikan Bahasa Daerah (Sunda). Sapopoéna digawé jadi filolog naskah (manuskrip) Sunda di Perpustakaan Nasional RI.
Jadwal acara
Pranala luar |